B. Daerah

Pertanyaan

tuliskeun 17 pupuh durma jeung watakna !

1 Jawaban

  • Pupuh durma teh nyaeta salahsahiji pupuh nu aya. Aya 17 rupa pupuh. Jadi, pananya di luhur teh meureun maksudna mah "Tuliskeun 17 pupuh jeung watakna!". Pupuh nyaeta patokan atawa aturan anu biasa dipake dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu sok biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti wawacan jeung guguritan.

    Aya dua kelompok pupuh nyaeta anu disebut Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Dina nepikeunana pupuh teh sok dihaleuangkeun ku ngagunakeun tembang, kukituna pupuh sok disebut oge tembang. Di handap ieu nyaeta ngaran 17 pupuh nu aya jeung watak atawa watekna :

    1. Kinanti, watekna aya rasa ngadagoan, deudeupeun, atawa aya rasa kanyaah.

    2. Sinom, watekna senang, gumbira, kadeudeuh.

    3. Asmarandana, watekna birahi, silih asih

    4. Dangdanggula, watekna agung, agem, bungah, langen, manis.

    5. Magatru, watekna prihatin, lulucon, panyelang

    6. Pangkur, watekna keuheul, taki-taki (rek perang), lumampah

    7. Durma, watekna rasa ambek, nafsu, pasea, perang, sumanget (biasana naeruskeun pupuh pangkur)

    8. Mijil, watekna simpe, tiiseun, cilaka, sedih, bingung

    9. Maskumambang, watekna sasambat, nyeri, nalangsa, ceurik

    10. Pucung, watekna kaget, aling, wiwirang, kacingcirihi

    11. Wirangrong, watekna bobodoran, pikaseurieun

    12. Balakbak, watekna bobodoran, pikaseurieun

    13. Gambuh, watekna bingung, samar polah

    14. Lambang, watekna meh cara balakbak, hereuy, gogonjakan, tapi leuwih mijah ti balakbak jeung ladrang

    15. Ladrang, watekna banyol, heureuy, gogonjakan

    16. Gurisa, watekna lulucon, tambah kesel, pangangguran

    17. Jurudeumung, watekna kaduhung, hanjakal, hanjelu

    Sanajan unggal pupuh teh miboga watek sewang-sewangan, dina prak-prakanna mah dina pupuh teh bisa watek naon wae, saperti bisa ditilik dina soal-soal pangajaran nu aya di handap.


    Belajar lebih banyak tentang "Pupuh" dalam bahasa Sunda di :

    https://brainly.co.id/tugas/14088226

    https://brainly.co.id/tugas/14125725

    https://brainly.co.id/tugas/5868245


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan

    Kelas : - (SD)

    Kata Kunci : Pupuh, guguritan, durma

Pertanyaan Lainnya