Kumaha perasaan hidep sabada maca rumpaka kawih pahlawan toha?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sabada baca rumpakan kawih pahlawan Toha, aya rasa beuki ngahargaan kana sagala rupa jasa anu di lakukeun ku pahlawan Toha anu sakitu gede jeung sucina pikeun kamerdekaan Indonesia. Rasa nyaeta salah sahiji unsur bathiniah rumpaka kawih. Unsur bathiniah rumpaka kawih salengkepna nyaeta tema, nada jeung suasana, rasa jeung amanat.
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lagu Sunda. Aya sawatara rupa lagu Sunda nyaeta kawih, kakawihan jeung tembang. Kawih, kakawihan jeung tembang teh umpama ditilik tina rumpakana bisa dianggap oge karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi.
Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Jadi, kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Sanajan kawih teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, dina kawih aya unsur-unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik eusi rumpaka kawih, salahsahijina nyaeta unsur bathiniah rumpaka kawih. Saperti geus disebutkeun di luhur, unsur bathiniah rumpaka kawih nyaeta tema, nada jeung suasana, rasa jeung amanat.
Tema kawih nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Nada jeung suasana kawih nyaeta sikep anu nulis rumpaka kawih anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kawih. Rasa kawih nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kawih. Sedengkeun amanat kawih nyaeta perkara anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kawih atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kawih.
Kata Kunci : Kawih pahlawan Toha, unsur bathiniah rumpaka kawih