B. Daerah

Pertanyaan

1.naon hartina kapilanceuk (2) naon hartina ngalakonan (3) naon hartina diwidian (4) naon harti munggaran (5) naon hartina di suguhan (6) naon hartina nyuhunkeun (7) naon hartina ngawartosan.

1 Jawaban

  • Dina ragam basa Sunda kecap kapilanceuk nyaeta kaasup kana ragam basa loma. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes. Kecap kapilanceuk dina ragam basa hormat / lemes nyaeta sarua jeung kapiraka. Kecap kecap nu disebutkeun di luhur aya nu kaasup kana ragam basa loma aya oge nu kaasup kana ragam basa hormat / lemes.

    Pembahasan

    Sanajan kecap kapianceuk teh sinonimna nyaeta kapiraka, tapi tetep kecap kapilanceuk atawa kapiraka teh masih kudu dijelaskeun naon hartina. Sedengkeun kecap nyuhunkeun anu sinonimna nyaeta menta, eta sinonimna teh geus cukup pikeun ngajelaskeun naon hartina kecap nyuhunkeun. Pikeun ngajawab pananya diluhur salengkepna, di handap ieu nyaeta jawaban anu salengkepna:  

    1. Hartina kapilanceuk nyaeta anak uwa atawa anak lanceukna indung atawa bapa  
    2. Hartina ngalakonan nyaeta ngalakukeun hiji pagawean  
    3. Hartina diwidian nyaeta dibere ijin  
    4. Hartina munggaran nyaeta awal atawa mimiti  
    5. Hartina disuguhan nyaeta dibere inuman atawa jeung lalawuhna  
    6. Hartina nyuhunkeun nyaeta sarua jeung menta  
    7. Hartina ngawartosan nyaeta mere beja

    Aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda. Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda beda jalma tapi pikeun ngahormat ka anu saluhureun atawa ka kolot sarta ngajenan ka anu sahandapeun atawa ka anu sapantar.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

Pertanyaan Lainnya