B. Daerah

Pertanyaan

Lengkepan sing jadi kalimah nu ngandung purwakanti
1. Lamun keyeng tangtu.....
2. Bengkung ngariung, tangtu....
3. Batin ceurik ngajerit maratan....
4. Tutus.... kepang.....
5. Ti luhur sausap...., tu handap...
6. Nitih wanci... ninggang mangsa..
7. Caringceung pageuh... saringset pageuh....

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
    Kelas : IX (3 SMP)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya sawatara paribasa jeung mamanis basa anu kecap-kecapna miboga purwakanti atawa sok disebut oge murwakanti. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antara kecap-kecap anu aya dina hiji kekecapan atawa kalimah. Di handap ieu nyaeta sawatara paribasa jeung mamanis basa anu kekecapannana murwakanti :

    1. Lamun keyeng tangtu pareng
    2. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok
    3. Batin ceurik ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat
    4. Tutus langkung kepang halang
    5. Ti luhur sausap rambut, ti handap sausap dampal
    6. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna
    7. Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket atawa Cing caringcing pageuh kancing, set saringset pageuh iket

Pertanyaan Lainnya