B. Daerah

Pertanyaan

jieun kalimah dari pikaseurieun

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SMP)
    Pembahasan :

    Conto kalimah anu make kecap pikaseurieun nyaeta saperti "Ari maksudna mah gaya hayang nganteur kabogoh balik ka imahna, tapi eta mah matak pikaseurieun, sabot rek balik, manehna teh menta dianteurkeun deui, cenah sieun di jalanna". Kecap pikaseurieun asalna tina kecap seuri. Kecap seuri teh kaasupna kana kecap anu kasar.

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa hormat atawa lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur anu saluhureun.

    Kecap seuri lemesna keur ka sorangan nyaeta tetep seuri. Sedengkeun kecap seuri lemesna keur ka batur saluhureun nyaeta gumujeung. Tapi sanajan kitu, kecap pikaseurieun bisa digunakeun boh dina kalimah lemes boh dina kalimah kasar.

Pertanyaan Lainnya