Mugia kauntun tipung katambang beas
B. Daerah
yasmin1602
Pertanyaan
Mugia kauntun tipung katambang beas
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Mugia kauntun tipung katambang beas, mugia pareng laksana. Eta ungkara teh mangrupa mamanis basa, anu biasa digunakeun dina biantara atawa pidato. Salian ti mamanisbasa, eta ungkara teh bisa oge digunakeun dina puisi wangun sisindiran. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Eta ungkara teh bisa diwangun jadi wawangsalan nyaeta saperti :
Kauntun tipung katambang beas
Mugia pareng laksana (wangsalna laksa)
Umpama nilik kana jumlah engangna, dina padalisan kahiji aya sapuluh engang, padahal biasana jumlah engang dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan. Kukituna, ungkara wawangsalan di luhur teh bisa disaluyukeun jeung aturan sisindiran, anu miboga dalapan engang dina unggal padalisan, nyaeta saperti di handap ieu :
Untun tipung tambang beas
mugia pareng laksana (wangsalna laksa)